Numutukeun carita ti para sepuh nu karangkum sálenesna hajat solokan atanapi huluwotan teh teu aya patula patalina sareng ngadegna kampung gambung nu tos aya tikawit belanda ngabuka perkebuan kirang langkung tahun 1800 an sementawis hajat solokan mah dikawitan kirang langkung dina taun 1932 nu alpukahan ku aku madhayi atanapi bah lebe apung di rencangan ku aki soleh, aki dirta, aki murtaman sareng nu sanesna anu seueurna kirang langkung 20 jalmi, tujuan awalna aya hajat solokan nyaeta, teu aya sanes mangrupikeun cacarekan atanapi pakaulan sareng syukuran anu mana para sepuh harita ngaraos bingah ku parantos tiasa ngarengsekeun ngabaladah ngadamel solokan ti sumber cai tanapi huluwotan nu aya di ciawi tali dugi ka lembur gambung, sarengsena eta solokan turta caina ngalir dugi ka gambung warga pakaulan ngabring arak arakan ka sumber cai nu ayana di ci awi tali tea dina abringan eta warga sakantenan nyandak sanes rupi katuangan tikawit tumpeng sapuratina, embe hideung, oge kakantunan sasajen sakumplitna tikawit rujakeun, duwegan hanjuang sareng sajabina, sarengsena warga balakecrakan murak tumpeng sareng meuncit embe hideung di huluwotan, warga marulang dei ka lembur, sementawis di lembur tos nyampak hiburan wayang golek.
Sakumaha nu jadi tujuan awal para sesepuh tea yen ayana hajat solokan atanapi huluwotan teh nyaeta bukti syukur kanu maha agung tos parantos ngalimpahkeun rahmat sareng karuniana terutama cai teu kantun oge aya atikan sareng didikan nu ditujukeun ka generasi ngora penerus pangwangunan kumangrupi simbol sareng siloka diantarana, aya embe hideung nu ngadidik urang sangkan hideng, dina arti daek tanpa pamrih memeres sareng ngarawat eta solokan, teras aya istilah ngaruat nu ngandung harti ngarawat sangkan kuat galengan solokan bisi longsor, di tambih rujakeun sakumplitna tikawit rujak cau, rujak kalapa jeung nu sejena eta lambang sangkan urang ngarujuk atanapi ngahiji sok sanajan beda asal usulna, oge kudu rujuk tur ngahiji antara pamingpin sareng rahayatna, di tambah ku ayana harupat anu ngingetan yen urang teh ulah geutas harupateun dina laku lampah jeung paripolah, di simbolan oge ku tangkal hanjuang nu ngandung arti ulah pati ngahanju kana kahayang atawa ngalajur nafsu. hiburana wayang golek eta ge jadi pangeling keur sakumna jalma yen hirup mah ibarat wayang, usik malikna kersaning dalang da nyata hirupna manusa aya dina kakawasaan allah nu maha ngatur kana saniskara kahirupan jalma nu kumelendang di maya pada ieu.